Postingan

KISI-KISI PAS B. SUNDA KELAS XI TAHUN 2023

  KISI-KISI PAS BAHASA SUNDA Di tatar Sunda aya nu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang . Tiluanana sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun. Dina élmu music Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger kuaturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu kauger kuwiletan jeung ketukan. Kawih, utamana mah kasih ka ayeuna keun (modern), geus jelas anu nyanggina. Contona: ÉsLilin (Mursih), Lembur Kuring (R.T.A. Soenarya), Mojang Priangan (Iyar Winarsih), BubuyBulan (Bénny Corda). Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda ajén sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bébas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakéna pinilih pisan. Nu dimaksud adegan lahir téh nyaéta unsure fi...

KISI - KISI PAS Semester Ganjil 2022/2023

Kawih nyaeta lagu sunda anu rumpakana teu kauger ku aturan, saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan anu aya dina patokan pupuh. Aya sababaraha conto lagu kawih salah sawiosna nyaeta lagu Basa-basa Sunda Pedaran teh nyaeta wangun ugeran anu disusun pikeun mere informasi ka pamaca boh nu sifatna nyata atawa rekaan Tehnik proses, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran proses nyieuna eta barang Tehnik identifikasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-ciri na eta perkara atawa barang Tekhnik klasifikasi nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara atawa barang Rajah teh mibanda arti pangangkat carita dina wacana lalakon pantun nu eusina kaasup galur carita: muji-muji, mumuntang, amitan jeung sanduk-sanduk ka nu Agung.  Hafalkeun Rajah Pantun ti mimiti awal nepi ka bagian akhir Kecap Ngidung teh mibanda arti ngalagukeun atawa ngahaleuangkeun Bisina nerus narutus, bis...

Kisi-kisi PTS B. Sunda Semester Ganjil

Kawih nyaeta lagu sunda anu rumpakana teu kauger ku aturan, saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan anu aya dina patokan pupuh. Aya sawatara rupa lagu Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. ... Sedengkeun tembang mangrupa puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta ari kakawihan mah biasana dinyanyikeun atawa dihaleuangkeunnana dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun kawih bisa dihaleuangkeun iraha jeung di mana wae. Hafalkeun lagu Basa-basa sunda Pedaran teh nyaeta wangun ugeran anu disusun pikeun mere informasi ka pamaca boh nu sifatna nyata atawa rekaan Karangan pedaran ngabogaan manfaat pikeun ngalegaan kaweruh atawa wawasan hiji jalma Tehnik identifikasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-ciri na eta perkara atawa barang Tekhnik klasifikasi nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara atawa barang Tehnik definisi, nyaeta ngajent...

Kisi-kisi PTS Bahasa Sunda kelas XII

 Kisi-kisi PTS Bahasa Sunda Karangan anu disusun pikeun ngebrehkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu , disebutna artikel. Artikel teh tulisan atawa karangan nu ngaguar hiji hal nu dianggap penting tur aktual (anyar). Bedana artikel jeung karangan sejen saperti makalah, artikel mah dimuat dina koran atawa majalah. Minangka wangun karangan pedaran, artikel teh mibanda sawatara ciri, diantarana wae;  Ditulis kalayan asmana, Ngandung gagasan aktual atawa kontroversial, Saluyu jeung kaayaan di masyarakat, Ditulis kalayan referensial, Bahasana komunikatif, Singget tur tuntas, Orsinil atawa asli. Sarat sarat nulis artikel teh diantarana wae ;  Bahasana jelas tur komunikatif, Dirojong ku pamanggih para ahli atawa data hasil panalungtikan (penelitian), Temana kudu aktual, Mere manfaat jeng keur nu macana, Dimuat dina koran atawa majalah, Panjang tulisan ulah leuwih ti 3-4 kaca. Karangan atawa teks artikel mibanda adegan...

PANGAJARAN II NGAGUAR WANGUN ALINEA (Paragraf)

 3. Ngaguar Wangun Alinea      Nilik kana wanguna, artikel teh ditulis dina wangun rutuyan paragraf. Paragraf teh sok disebut alinea. Diwangun ku sakalimah atawa leuwih. Dina basa tulis kacirina sok dielokeun kira kira lima ketukan huruf. Gunana dina bacaan (wacana), pikeun ngamekarkeun tema. Ku kituna, saparagraf mah ngan mibanda hiji tema atawa sagagasan.     Dina unggal paragraf biasana aya pikiran utana jeung panandes. Pikiran utama ayana dina kalimah utama, ari pikiran pikiran panandes ayana dina kalimah-kalimah panandes tina kalimah utama. Nu disebut pikiran utama teh nyaeta pikiran anu ngajiwaan unggal paragraf, ngenaan naon paragraf, jeung naon maksudna. Ari pikiran panandes mah gunana pikeun leuwih ngajentrekeun pikiran utama.     Nurutkeun cicingna pikiran utama, aya sababaraha rupa alinea, diantarana wae ; Alinea Deduktif Aline Induktif Aline Campuran     Dumasar kana ngebrehkeun eusina, alinea atawa paragraf teh aya opat rupa...

PANGAJARAN I NGEUNAAN ARTIKEL

1. Padika Maca jeung Nulis Artikel     Maca Artikel teh aya padika na. Lamun hideup maca salah sahiji artikel dina koran atawa majalah, sangkan eusina gampang kacangking, sahanteuna kudu nyindekel kana hal-hal ieu dihandap. Baca heula ti mimiti judul nepika tamat. Mun can pati ngarti kana eusina baca sakali deui. Catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel. Mun perlu catetkeun saha wae ahli anu dicutat dina eta artikel. Jieun ringkesan tina artikel anu dibaca 2. Nulis Artikel     Artikel teh mangrupa karya tulis anu disusun pikeun ngebrehkeun pamadegan nu nulis kana hiji perkara/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu. Karangan atawa artikel mibanda adegan anu tangtu nyaeta : a. Judul b. Alinea bubuka (lead) c. Alinea panandes (Waruga eusi) d. Alinea pamungkas (Ending) Nulis artikel teh aya cara-carana diantarana wae : Pilih tema Tangtukeun judul (bisa we engke dipanderi) Susun alinea awal Dadarkeun tema dina sababaraha alinea pangjentre (reana gu...