KISI-KISI PAS B. SUNDA KELAS XI TAHUN 2023
KISI-KISI PAS BAHASA SUNDA
- Di tatar Sunda aya nu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang. Tiluanana sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun.
- Dina élmu music Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo).
- Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger kuaturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu kauger kuwiletan jeung ketukan.
- Kawih, utamana mah kasih ka ayeuna keun (modern), geus jelas anu nyanggina. Contona: ÉsLilin (Mursih), Lembur Kuring (R.T.A. Soenarya), Mojang Priangan (Iyar Winarsih), BubuyBulan (Bénny Corda).
- Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda ajén sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bébas.
- Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi.
- Upamana waé diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakéna pinilih pisan.
- Nu dimaksud adegan lahir téh nyaéta unsure fisik rumpaka kawih di sawang tina wangunna.
- Nu kaasup kana adegan lahir rumpaka kawih, diantarana waé: Wangun (tipografi), Pilihan Kecap (diksi), Citraan (imaji), Gaya Basa (figuratif), jeung Purwakanti.
- Rumpaka kawih téh ditulisna béda-béda, upamana waé, aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna. Tina sapada nagé matok siga sisindiran atawa pupuh, bébas kumaha pangarangna.
- No Soal 11 nepi ka 25 dicandak tina kawih, Basa-basa Sunda sareng Kakawihan Euis
- Soal no 26 – 30 Dicandak tina materi sajak
Basa Sunda
Basa-basa Sunda basa indung nu endah tur luhung
Prak rumat sing toweksa mun rumasa jd urang Sunda
Basa-basa sunda basa rasan nu tansah daria
Prak riksa sing iatna rumaksa satia salawasna
Yu Urang riksa yu piara
basa jeung budaya sunda
Lemes budina hade tata
hade basa
Yu urang riksa yu piara
basa jeung budaya sunda
Ulah rek era nyarita ku
basa sunda
Urang urang sunda masing reueus jadi urang sunda
Sunda ulah ditundung tong sieu di sebut ngampung
EUIS
Jajaka : Euis ke
dangukeun heula
Wanoja : Pihatur naon anu
di seja
Jajaka : Hayu urang
kakawihan
Bareng : Kawih pangdugi
ning ati
Jajaka : Euis ke
antosan heula
Wanoja : Aeh-aeh saha eta
Jajaka : Abdi sobat nu
baheula
Wanoja : Euleuh-euleuh
saur-saur saha
Jajaka : Euis teuing ku
lucuna
Wanoja : Idih-idih paribasa
Jajaka : Estu kumatak
kayungyun
Wanoja : Ah pameget eta
mah biasa
Jajaka : Aduh
euis, Aduh .. aduh
Wanoja : Ema ... Apa ...
ieu gera
Jajaka : Euiiis ...
Wanoja : Sok aya jajaka
nu ngangken tresna ku ngararewa
Jajaka : Aduh Euis aduh
... aduh
Wanoja : Estu ku seueur
gogoda
Jajaka : Euiiis ...
Komentar
Posting Komentar