Kisi-kisi PTS B. Sunda Semester Ganjil

  1. Kawih nyaeta lagu sunda anu rumpakana teu kauger ku aturan, saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan anu aya dina patokan pupuh. Aya sawatara rupa lagu Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. ... Sedengkeun tembang mangrupa puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
  2. Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta ari kakawihan mah biasana dinyanyikeun atawa dihaleuangkeunnana dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun kawih bisa dihaleuangkeun iraha jeung di mana wae.
  3. Hafalkeun lagu Basa-basa sunda
  4. Pedaran teh nyaeta wangun ugeran anu disusun pikeun mere informasi ka pamaca boh nu sifatna nyata atawa rekaan
  5. Karangan pedaran ngabogaan manfaat pikeun ngalegaan kaweruh atawa wawasan hiji jalma
  6. Tehnik identifikasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-ciri na eta perkara atawa barang
  7. Tekhnik klasifikasi nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara atawa barang
  8. Tehnik definisi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara nengan jeung mere wangenan kana eta perkara atawa barang
  9. Tehnik ilustrasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran kana eta perkara atawa barang
  10. Tehnik proses, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran proses nyieuna eta barang
  11. Bagain bubuka eusina midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran : a). Alasan milih jejer (topik) pedaran, b). Pentingna jejer pedaran, c). Legana pedaran, d). Watesan jejer pedaran, e). Masalah-masalah anu di pedar, f). Tujuan jeung gunana pedaran
  12. Bagian eusi, eusina midangkeun objek nu dipedar, saperti : a). Wujud jeung wanguna objek, b). Gunana objek, c). Wanda atawa tipena objek, d). Cara-cara nyieuna objek kitu oge lamun aya
  13. Bagian Pamungkas (panutup), eusina midangkeun dua hal : a). Kacindekan tina eusi pedaran, b). Saran-saran
  14. Hafalkeun rajah pantun
  15. Lamun hidep rek nulis karangan pedaran, aya sawatara cara nu bisa dilaksanakeun , diantarana wae :
    • Netepkeun pasualan atawa perkara nu rek ditulis
    • Ngumpulkeun bahan atawa data keur ngarojong eusi karangan pedaran, biasana mah tina buku, koran, majalah, atawa internet
    • Mikiran pijuduleun anu matak ngirut kanu maca
    • Nyusun raraga atawa rangkay karangan
    • Mekarkeun rangkay karangan jadi alinea-alinea nepi ka jadi karangan gembleng, jeung
    • Nyarungsum karangan nu geus jadi

Komentar

Postingan populer dari blog ini

KISI-KISI PAS B. SUNDA KELAS XI TAHUN 2023

PANGAJARAN II NGAGUAR WANGUN ALINEA (Paragraf)

Kisi-kisi PTS Bahasa Sunda kelas XII