Kisi-kisi PTS Bahasa Sunda kelas XII

 Kisi-kisi PTS Bahasa Sunda

  1. Karangan anu disusun pikeun ngebrehkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu , disebutna artikel.
  2. Artikel teh tulisan atawa karangan nu ngaguar hiji hal nu dianggap penting tur aktual (anyar). Bedana artikel jeung karangan sejen saperti makalah, artikel mah dimuat dina koran atawa majalah.
  3. Minangka wangun karangan pedaran, artikel teh mibanda sawatara ciri, diantarana wae; Ditulis kalayan asmana, Ngandung gagasan aktual atawa kontroversial, Saluyu jeung kaayaan di masyarakat, Ditulis kalayan referensial, Bahasana komunikatif, Singget tur tuntas, Orsinil atawa asli.
  4. Sarat sarat nulis artikel teh diantarana wae ; Bahasana jelas tur komunikatif, Dirojong ku pamanggih para ahli atawa data hasil panalungtikan (penelitian), Temana kudu aktual, Mere manfaat jeng keur nu macana, Dimuat dina koran atawa majalah, Panjang tulisan ulah leuwih ti 3-4 kaca.
  5. Karangan atawa teks artikel mibanda adegan nu tangtu, nyaeta Judul, alinea bubuka (lead), alinea panandes (waruga eusi), alinea pamungkas (ending).
  6. Aya 4 wanda artikel diantarana ; Prediktif ngandung ciri eusi pedaranana ngenaan perkara anu can kajadian. Eksploratif ngandung ciri eusi pedaranana lebeut ku fakta-fakta anu luyu jeung sawangan pangarangna. Deskriptif ngandung ciri eusi pedaranana ngagambarkeun pasualan dina kahirupan. Eksplanatif ngandung ciri eusi pedaranana ngajentrekeun hiji perkara dumasar pamadegan pangarangna.
  7. Padika maca jeung nulis artikel diantarana wae nyaeta ; Baca heula sakali timimiti judul nepi ka tamat, Mun can pati ngarti kana eusina baca sakali deui, Catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel, Catetkeun saha wae ahli anu dicutat dina eta artikel, Jieun ringkesan tina artikel anu dibaca.
  8. Lamun urang rek nulis artikel, aya sawatara lengkah anu kudu dituturkeun, diantarana wae; Milih tema, Milih judul, Nyusun alinea awal, Nyusun alinea panandes, Ngolah gaya nulis, Nyungsi data atawa rujukan, Nyindeken pamadegan dina alinea pamungkas, Nyarungsum (ngedit) tulisan, Ngirimkeun tulisan.
  9. Nilik kana wanguna, artikel teh ditulis dina wangun runtuyan paragraf. Paragraf teh sok disebut alinea.
  10. Nu disebut pikiran utama teh nyaeta pikiran anu ngajiwaan unggal paragraf, ngenaan naon eta paragraf, jeung naon maksudna.
  11. Nurutkeun cicingna pikiran utama, aya sababaraha rupa alinea diantarana wae, alinea deduktif, alinea induktif jeung alinea campuran.
  12. Alinea deduktif nyaeta alinea anu kalimah jeung pikiran utamana aya diawal paragraf. Alinea induktif nyaeta alinea anu kalimah jeung pikiran utamana aya ditungtung paragraf. Alinea Campuran nyaeta alinea anu kalimah jeung pikiran utamana aya diawal jeung dituntung paragraf.
  13. Dumasar cara ngebrehkeun eusina, alinea atawa paragraf teh aya opat rupa, nu sok disingket ADEN.
  14. Alinea Argumentasi nyaeta alinea anu eusina ngajentrekeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat dumasar fakta.
  15. Alinea deskripsi nyaeta alinea anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra minangka hasil pangalaman kalayan telik.
  16. Alinea eksposisi nyaeta alinea anu eusina ngajentrekeun tur medar hiji objek, prosesna, tujuanana, pikeun ngajembaran pangaweruh nu maca.
  17. Alinea narasi nyaeta alinea anu eusina ngebrehkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nu sipatna nyata atawa rekaan.
  18. Conto alinea argumentasi “Nurutkeun pamadegan sutisna (2010:2) kagiatan diajar teh aya patalina jeung tilu komponen penting diantarana wae : ayana siswa, ayana guru, jeung ayana buku”.
  19. Conto alinea deskripsi “Basisir pananjung teh endah kacida. Perenahna di kacamatan pangandaran, kabupaten ciamis.”
  20. Conto alinea eksposisi “Cara nyieun sambel tarasi ; Bahan : cengek, tarasi, bawang, jst. Cara nyieun : kabeh bahan direndos sina cowet make mutu, diuyahan tur digulaan.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

KISI-KISI PAS B. SUNDA KELAS XI TAHUN 2023

PANGAJARAN II NGAGUAR WANGUN ALINEA (Paragraf)