KISI - KISI PAS Semester Ganjil 2022/2023
- Kawih nyaeta lagu sunda anu rumpakana teu kauger ku aturan, saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan anu aya dina patokan pupuh.
- Aya sababaraha conto lagu kawih salah sawiosna nyaeta lagu Basa-basa Sunda
- Pedaran teh nyaeta wangun ugeran anu disusun pikeun mere informasi ka pamaca boh nu sifatna nyata atawa rekaan
- Tehnik proses, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran proses nyieuna eta barang
- Tehnik identifikasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-ciri na eta perkara atawa barang
- Tekhnik klasifikasi nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara atawa barang
- Rajah teh mibanda arti pangangkat carita dina wacana lalakon pantun nu eusina kaasup galur carita: muji-muji, mumuntang, amitan jeung sanduk-sanduk ka nu Agung.
- Hafalkeun Rajah Pantun ti mimiti awal nepi ka bagian akhir
- Kecap Ngidung teh mibanda arti ngalagukeun atawa ngahaleuangkeun
- Bisina nerus narutus, bisina naratas alas
- Naon ari puisi? Dina sastra Indonésia, nu disebut puisi téh sarua hartina jeung sajak dina sajak Sunda.
- Sajak teh nyaeta wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh kuwirahma, kauger kuwangun na jeung ku diksina
- Puisi Sunda téh réa rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya nu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan).
- Aya sababaraha rupa puisi anu kaasup kana puisi mantra diantarana wae jangjawokan, singlar, jampé, jeung asihan
- Guru lagu nyaeta huruf vokal anu aya dina akhir padalisan anu aya dina sempalan sajak
- Lobana suku kata dina sapadalisan sok mangrupakeun harti tina guru wilangan
- Angin leutik ngahiliwir jadi saksi = 12i
- Aya mangsana datang = 7a
- Musikalisasi sajak mibanda harti ngahijikeun antara dua seni sastra dina sapamadegan atawa sapamintonan pikeun mere wirahma anu lewih alus ka pangdengena.
- Anu ngabedakeun sajak jeung pupuh nyaeta lamun sajak hanteu pati kauger ku patokan-patokan jumlah enggang saban padalisan
- Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda nu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan
- Jumlah pupuh dina sastra sunda nyaeta aya 17 rupa
- Wawancara téh dina basa Inggris disebutna interview, asalna tina kecap inter (antara; lolongkrang) jeung view (panitén; panempo).
- wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa Tanya jawab antara duaan atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interview) jeung nu diwawancara (narasumber; réspondén).
- Ku ayana kamekaran téknologi, wawancara gé bisa dilaksanakeun dina jarak jauh ngaliwatan media internet anu disebut vidéo conference
- Sawatara ahli komunikasi nétélakeun yén wawancara téh mibanda tujuan (udagan) pikeun: Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé aktualitas fakta, Nyangking pamadegan resmi ti narasumber, Ngaguar pamanggih ahli, jeung Konfirmasi keur babandingan data.
- Ku lantaran kitu, mun urang rék ngayakeun kagiatan wawancara, aya sawatara hal anu perlu diéstokeun : 1. Muguhkeun informasi naon anu rék di kumpulkeun, 2. Nangtukeun saha anu rék diwawancara (narasumber), 3. Nangtukeun iraha jeung di mana rék diwawancara, 4. Nyusun angkét wawancara, 5. Dina der na ngawawancara hadean mah ngagunakeun basa Sunda anu merenah, 6. Nyatetkeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber.
- Nyusun angkét wawancara, nyaéta daptar pananya (pertanyaan) anu rék ditanyakeun. Biasana nyokot kana Prinsip 5W + 1H; what, where, when, why, who, jeung how.
- Anu kaasup kana prinsip 5W + 1 H teh nyaeta : Naon, Dimana, Iraha, Kunaon, Saha jeung Kumaha.
- Dumasar kanu carana, kagiatan wawancara dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta wawancara mandiri, wawancara kelompok jeung wawancara konferensi
Komentar
Posting Komentar