Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2023

KISI-KISI PAS B. SUNDA KELAS XI TAHUN 2023

  KISI-KISI PAS BAHASA SUNDA Di tatar Sunda aya nu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang . Tiluanana sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun. Dina élmu music Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger kuaturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu kauger kuwiletan jeung ketukan. Kawih, utamana mah kasih ka ayeuna keun (modern), geus jelas anu nyanggina. Contona: ÉsLilin (Mursih), Lembur Kuring (R.T.A. Soenarya), Mojang Priangan (Iyar Winarsih), BubuyBulan (Bénny Corda). Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda ajén sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bébas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakéna pinilih pisan. Nu dimaksud adegan lahir téh nyaéta unsure fi...