Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2022

Kisi-kisi PTS Bahasa Sunda kelas XII

 Kisi-kisi PTS Bahasa Sunda Karangan anu disusun pikeun ngebrehkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu , disebutna artikel. Artikel teh tulisan atawa karangan nu ngaguar hiji hal nu dianggap penting tur aktual (anyar). Bedana artikel jeung karangan sejen saperti makalah, artikel mah dimuat dina koran atawa majalah. Minangka wangun karangan pedaran, artikel teh mibanda sawatara ciri, diantarana wae;  Ditulis kalayan asmana, Ngandung gagasan aktual atawa kontroversial, Saluyu jeung kaayaan di masyarakat, Ditulis kalayan referensial, Bahasana komunikatif, Singget tur tuntas, Orsinil atawa asli. Sarat sarat nulis artikel teh diantarana wae ;  Bahasana jelas tur komunikatif, Dirojong ku pamanggih para ahli atawa data hasil panalungtikan (penelitian), Temana kudu aktual, Mere manfaat jeng keur nu macana, Dimuat dina koran atawa majalah, Panjang tulisan ulah leuwih ti 3-4 kaca. Karangan atawa teks artikel mibanda adegan...