PANGAJARAN II NGAGUAR WANGUN ALINEA (Paragraf)
3. Ngaguar Wangun Alinea Nilik kana wanguna, artikel teh ditulis dina wangun rutuyan paragraf. Paragraf teh sok disebut alinea. Diwangun ku sakalimah atawa leuwih. Dina basa tulis kacirina sok dielokeun kira kira lima ketukan huruf. Gunana dina bacaan (wacana), pikeun ngamekarkeun tema. Ku kituna, saparagraf mah ngan mibanda hiji tema atawa sagagasan. Dina unggal paragraf biasana aya pikiran utana jeung panandes. Pikiran utama ayana dina kalimah utama, ari pikiran pikiran panandes ayana dina kalimah-kalimah panandes tina kalimah utama. Nu disebut pikiran utama teh nyaeta pikiran anu ngajiwaan unggal paragraf, ngenaan naon paragraf, jeung naon maksudna. Ari pikiran panandes mah gunana pikeun leuwih ngajentrekeun pikiran utama. Nurutkeun cicingna pikiran utama, aya sababaraha rupa alinea, diantarana wae ; Alinea Deduktif Aline Induktif Aline Campuran Dumasar kana ngebrehkeun eusina, alinea atawa paragraf teh aya opat rupa...